:

1 Samuel 19

1

Hiji mangsa Saul nyarios ka Yonatan jeung ponggawa-ponggawana yen aya maksad nelasan Daud. Tapi Yonatan anu kacida mikahemanna,

2

ngawartosan ka Daud, "Ama aya kersana nelasan ka Rayi. Mana enjing Rayi sing atos-atos, milari panyumputan sing buni.

3

Enjing ama bade ka tegalan anu dianggo nyumput ku Rayi, ari Akang bade nyarengan ama sareng bade unjukan perkawis Rayi. Kitu kieuna engke ku Akang diwartoskeun."

4

Yonatan ngunjukkeun perkara Daud ka Saul, piunjukna, "Mugi Daud ku Raja henteu dikitu kieu. Daud teh teu aya pisan lepatna, malah sugri lampahna jadi pitulung ka Sang Raja.

5

Waktos ngarubuhkeun Goliat, Daud dugi ka naruhkeun nyawana, jadi lantaran Israil kenging kaunggulan sakitu ageungna ti PANGERAN. Waktos eta Sang Raja bingah ningalina. Ku naon ayeuna kagungan maksad teu sae ka nu teu aya dosana, bade maehan Daud kalayan teu aya lantaran?"

6

Piunjuk Yonatan ku Saul kagalih. Anjeunna sumpah demi PANGERAN, yen Daud moal dipaehan.

7

Ti dinya Daud ku Yonatan disaur, sanggeus diwartosan tuluy dideuheuskeun ka Saul. Saterusna babakti deui sakumaha biasa.

8

Waktu urang Pelisti merangan deui, ku Daud dielehkeun deui, baladna loba pisan anu kasambut, tuluy kalabur.

9

Dina hiji poe Saul kasurupan deui ku roh jahat ti PANGERAN. Harita anjeunna keur di bumi bari nyenyepeng tumbak. Ku Daud dipangacapikeun.

10

Tapi Daud dilempag ku tumbak rek dipanggang kana tembok. Daud nyingcet, tumbakna nancleb kana tembok, ari Daud terus ngejat ti dinya.

11

Peutingna bumi Daud ku Saul dipiwarang ditingker, maksadna dina isukna Daud rek ditelasan. Tapi anjeunna diwartosan ku Mikal geureuhana, "Akang wengi ieu keneh kedah ngalolos, margi enjing aya anu rek maehan."

12

Daud ku Mikal diulur tina jandela, tuluy ngalolos.

13

Geus kitu Mikal ngagolerkeun tapekong dina pajuaran, dibantalan tina bulu embe, rup disimbutan.

14

Jalma-jalma Saul daratang arek nangkep Daud. Ari saur Mikal Daud nuju udur.

15

Nu rek narangkep Daud ku Saul dipiwarang nyidikkeun ku sorangan, timbalanana, "Gotong bae ka dieu jeung kasurna, ku kami rek dipaehan!"

16

Barang jalma-jalma piwarangan arasup, kanyahoan yen anu dikedengkeun jeung dianggelan ku bulu embe teh tapekong.

17

Saur Saul ka Mikal, "Ku naon Nyai ngabobodo ka Ama, musuh Ama disina lolos?" Wangsul Mikal, "Ku abdi teu dipasihkeun lolos, mung bade maehan."

18

Ari Daud ngalolosna ka Ramah, ka Samuel, wawartos yen diarah-arah ku Saul. Ti dinya anjeunna jeung Samuel ka Nayot, calik di dinya.

19

Aya anu nguninga ka Saul yen Daud aya di Nayot wewengkon Ramah.

20

Ku Saul dipiwarang disusul, kudu ditangkep. Barang daratang ka Nayot, anu nyarusul teh narenjo nabi-nabi keur ngarigel jeung tinghaleuang, diluluguan ku Samuel. Ku kersaning Roh Allah, jalma-jalma anu rek nangkep Daud teh marilu tingrengkenek jeung tinghaleuang.

21

Kawartoskeun ka Saul, seug anjeunna ngirimkeun deui jelema leuwih loba. Tapi anu ieu oge marilu ngarigel jeung tinghaleuang. Saul ngirimkeun deui jelema katilu kalina, tapi anu ieu oge sarua kawas anu ti hareula.

22

Geus kitu mah anjeunna ku anjeun nyusul ka Ramah. Geus sumping ka sumur di Seku anjeunna mariksakeun di mana Samuel jeung Daud. Dibejakeun yen aya di Nayot.

23

Anjeunna terus ka Nayot. Ku kersana Roh Allah, angkatna sajajalan teh bari rerengkenekan jeung hahaleuangan.

24

Sumping ka Nayot anggoanana dicuculan, terus ngigel deui bari hahaleuangan di payuneun Samuel. Geus kitu bru bae ngalonjor sapoe eta jeung sapeuting jeput bari purucul. (Ti harita di dinya aya kacapangan, "Kutan Saul oge jadi nabi?")

Link: